[lagi bete di bandara...]
Aya hiji tukang gali kuburan keur ngagali kuburan. Kulantaran harita panas pisan, sanggeus rengse ngagali kuburan, si tukang gali kuburan nyiuhan di jero kuburan bari ditiungan ku daun cau. Ujug-ujug aya lalaki jangkung gede nyampeurkeun, si horeng eta teh malaikat anu rek nanya jalma nu geus maot.
Malaikat: Manrobuka?!
Tukang ngagali kuburan: Aduh punten malaikat, abdi mah sanes anu maot. Abdi mah anu ngagali kuburan, nuju nyiuhan. Panas! Nu maot na mah nuju dijalan keneh!
Malaikat: Ah, sugan teh maneh!
Saminggu ti harita, tukang ngagali kuburan kacilakaan, terus dikuburkeun. Geus sababaraha poe dikubur, naha euweuh wae malaikat anu nanya, pikir si tukang ngagali kuburan. Kabeneran ti kajauhan katingali aya malaikat anu kamari salah nanya. Malaikat! gero si tukang gali.
Malaikat: Aya naon hey tukang ngagali kuburan?
Tukang ngagali kuburan: kunaon abdi teu ditanya?
Malaikat: Ah maneh mah minggu kamari oge ngaheureuyan kuring, pura-pura paeh!
Tukang ngagali kuburan: ????????





Pak arry, kasih versi bahasa indonesianya dong. Maaf meskipun 5 tahun pernah tinggal di bandung, saya tetep aja gak bisa bahasa sunda. nuhun
NB: ngerti dikit lah maksud postingan pak arry di atas. hehehe
apa maksud cerita diatas???? ya maap, saya orang sby tulen jadi ga tau…….
ha ha ha! Malaikat oge katipu.
Pak tumaros, dupi nyiuhan=ngiuhan?
hahahahaha, aya-aya wae pak Arman.
) Naha malaikatna sorangan? Kan malaikat anu nanya jalma nu tos maot aya dua?? Munkar jeung Nakir. hehehe.
hebat lah………….HIDUP PERSIB…….!!!!!!!
NGIRINGAN KANG… EUCEU….. TIASA TEU?
Tapi tungtungna mah anu ngagali kubur teh kalaparan sabab euweuh nu mere dahar……..sabab can ditangtukeun asup surga atawa naraka.Boh petugas surga atawa pagawe naraka teu wani mere dahar lantaran can di daftar.
ha.ha.lumayan timbang lumanyun…….
sami kuring gaduh dongeng perkawis malaikat…
kunaon pami pameget kahampangan gudag-gideug (ngabirigidig)????
kumargi nuju kahampangan malaikat nawisan ,bade sareung ka abotanna (e-e)moal ?????
he..biasaan si akang..nepi ka liang kubur oge jadi heureuy.
siip lah..hidup urang sunda